Jalan Ciganitri

Jalan Ciganitri

Sok lah simkuring mah rek babagi carita bae. kieu caritana :Motor rada nyisi, ckitttt... sora rem ditincek meni nyekit, motor eureun sisi tambakan balong, kurang leuwih 50 meter ti lebah panto gerbang pasantren. "Ieu mah pasantren... kampus mah tebih keneh, sep". Tukang ojeg ngabejaan, panonna ngalieuk ka tukang. Meureun ceuk pikirna mah, euwah-euwah teh rek ka kampus STT Telkom nu aya di Bojongsoang, inyana teu apaleun, mun seug di Ciganitri teh aya kampus kuliah sok sanajan ngahiji jeung pasantren."Wios... di dieu weh," ceuk euwah-euwah bari turun. leungeun katuhu ngasongkeun duit luyu jeung hasil adu tawar mangsa rek mangkat. Tukang ojeng nyerengeh, ari leungeun mah rikat nampanan duit bari nyerengeh. Motor diputerkeun, duis indit maru ka tempat asal.Sojongjongan euwah-euwah ngahuleng, panon mencrong ka tengah balong nu ngaplak satungtung deuleu, sok sanajan caina hejo semu bau oge. "Yakin... di dieu Stiu teh," ceuk gerentes euwah-euwah mangsa harita. Suku ngalengkah ngadeukeutan panto gerbang. Sup asup ngaliwatan panto gerbang nu teu dikonci, leumpang lalalunan kah beh kidul. "Jang... dupi kampus STIU palih mana" euwah-euwah nanya ka saurang budak nu make seragam mu'alimin."Palih juru, a" jawab eta budak. Leungeun katuhuna ngacir nunjuk ka hiji rohangan anu aya di tungtung wangunan leter L."Nuhun jang," budak unggeuk bareng jeung ngalengkahna suku euwah-euwah ninggalkeun eta patempatan."Wa'alaikum salam," kadenge sora jawaban saurang lalaki mangsa euwah-euwah uluk salam.Bray panto muka, surang lalaki nu geus aya umuran kaluar, inyana kacida rapihna, diraksukan tangan panjang warna bodas salur, kahandapana lancingan biru meuni ngajerepet, dampal sampeana ditilaman sendal merk liliy."Leres ieu kantor STIU?" euwah-euwah tumanya meuni rengkuh. Rengkuh soteh pedah jalma nu karek anyar tepung teh geus umuran, pan numutkeun ajaran Kanjeng Nabi mah, urang teh kudu rengkuh turta hormat ka saluhureun, rek luhur bab umurna atawa luhur bab elmuna, sarua kudu dipihormat. Sok sanjan saurang jalma teu luhur elmu pangawereuhna, ari umurna geus saluhureun urang mah, anjeun kudu dipihormat.​

Daftar Isi

1. Sok lah simkuring mah rek babagi carita bae. kieu caritana :Motor rada nyisi, ckitttt... sora rem ditincek meni nyekit, motor eureun sisi tambakan balong, kurang leuwih 50 meter ti lebah panto gerbang pasantren. "Ieu mah pasantren... kampus mah tebih keneh, sep". Tukang ojeg ngabejaan, panonna ngalieuk ka tukang. Meureun ceuk pikirna mah, euwah-euwah teh rek ka kampus STT Telkom nu aya di Bojongsoang, inyana teu apaleun, mun seug di Ciganitri teh aya kampus kuliah sok sanajan ngahiji jeung pasantren."Wios... di dieu weh," ceuk euwah-euwah bari turun. leungeun katuhu ngasongkeun duit luyu jeung hasil adu tawar mangsa rek mangkat. Tukang ojeng nyerengeh, ari leungeun mah rikat nampanan duit bari nyerengeh. Motor diputerkeun, duis indit maru ka tempat asal.Sojongjongan euwah-euwah ngahuleng, panon mencrong ka tengah balong nu ngaplak satungtung deuleu, sok sanajan caina hejo semu bau oge. "Yakin... di dieu Stiu teh," ceuk gerentes euwah-euwah mangsa harita. Suku ngalengkah ngadeukeutan panto gerbang. Sup asup ngaliwatan panto gerbang nu teu dikonci, leumpang lalalunan kah beh kidul. "Jang... dupi kampus STIU palih mana" euwah-euwah nanya ka saurang budak nu make seragam mu'alimin."Palih juru, a" jawab eta budak. Leungeun katuhuna ngacir nunjuk ka hiji rohangan anu aya di tungtung wangunan leter L."Nuhun jang," budak unggeuk bareng jeung ngalengkahna suku euwah-euwah ninggalkeun eta patempatan."Wa'alaikum salam," kadenge sora jawaban saurang lalaki mangsa euwah-euwah uluk salam.Bray panto muka, surang lalaki nu geus aya umuran kaluar, inyana kacida rapihna, diraksukan tangan panjang warna bodas salur, kahandapana lancingan biru meuni ngajerepet, dampal sampeana ditilaman sendal merk liliy."Leres ieu kantor STIU?" euwah-euwah tumanya meuni rengkuh. Rengkuh soteh pedah jalma nu karek anyar tepung teh geus umuran, pan numutkeun ajaran Kanjeng Nabi mah, urang teh kudu rengkuh turta hormat ka saluhureun, rek luhur bab umurna atawa luhur bab elmuna, sarua kudu dipihormat. Sok sanjan saurang jalma teu luhur elmu pangawereuhna, ari umurna geus saluhureun urang mah, anjeun kudu dipihormat.​


Jawaban:

Soalnya Mana ? -_- . . . . .


Video Terkait

Kategori b_daerah